Karyawisata ka Linggarjati
Poe Minggu isuk-isuk kuring geus hudang najan sakola pere
ge, lantaran inget yen poe ieu the murid kelas 5 rerk ngayakeun karyawisata ka
Linggarjati. Terus kuring mandui disalin ku baju nu pangalusna. Kuring sarapan
heula sangu saaya-aya. Geus kitu kuring amit ka Bapa jeung Ema. Kuring
buru-buru indit, da kudu kumpul di sakola jam 07.00.
Anjog ka sakola sihoreng teh geus rame. Malah aya anu
dianteur ku kolotna sagala, tacan daratang kabeh tapi geus rame. Bu Guru kelas
5 geus aya di jero kantor sakola bari ngabsen budak nu geus dating. Guru nu
sejen oge araya, ya kitu deui Kapala Sakola. Ngan can katembong mobil nu rek
ngangkut barudak mah.
Jam 07.00 barudak kabeh nya kitu deui guru-guru geus
ngarumpul. Teu lila mobil nu rek dipake karyawisata the datang. Atuh barudak
the mani surak teu sirikna ajrag-ajragan. Tuluy barudak arasup kana mobil bari
diabsen ku Ibu Guru. Barudak geus arasup kana mobil, Bapa jeung Ibu Guruna mah
aya nu dina motor.
Pas jam 08.00 mobil nu ngangkut karyawisata the mangkat
dituturkkeun ku motor nu guru sejenna. Sapanjang jalan barudak saleuseurian
garogonjakan bangun anu bungaheun pisan. Aya anu bari taretembangan.
Teu kungsi sajam geus anjog kanu dituju. Atuh barudak the
ngaburudul turun tina mobil. Dikarumpulkeun heula bari reureuh sakeudeung
ngaleungitkeun kacape di perjalanan.
Ari nu dituju the nyaeta Museum Perundingan Linggarjati
nu aya di Desa Linggarjati Kacamatan Cilimus Kabupaten Kuningan. Eta gedong teh
miboga sajarah anu kacida pentingna pikeun bangsa Indonesia.
Sateuacanna kuring sabatur-batur arasup ka gedong eta, bu
guru nugaskeun ka barudak mawa buku catetan pikeun nulis katerangan-katerangan
ngeunaan eusi nu aya di jero gedong eta.
Barang asup ka gedong eta langsung disambut ku salah
saurang petugas museum, nya manehna nu nerangkeun sajarah eta museum.
Mimitina mah ceunah museum eta teh mangrupakeun gubug.
Terus gubug eta teh dibeuli jeung dibangun jadi gedong ku urang Belanda. Eta
gedong teh dipake perundingan antara Indonesia –Belanda. Utusan ti Indonesia
jeung Belanda the ngarendong di gedong.
Kuring jeung rombongan merhatoskeun kana sagala
katerangan nu didugikeun ku eta petugas, sakali-sakali kuring nulis katerangan
anu parenting contona: waktu diayakeun perundingan, ngaran-ngaran utusan ti Indonesia-
Belanda, sarta hasil perundinganna.
Sanggeus ngurilingan eta museum, kuring jeung rombongan
ngalanjutkeun perjalanan ka tempat wisata Linggarjati. Di eta tempat teh aya
kolam renang, kaulinan barudak, tempat nu ngajual cindera mata jeung loba tukang
dagang mangrupa barang jeung kadaharan. Atuh barudak oge mani barungaheun aya
nu ulinan ayun-ayunan, sapedah air, naek kincir, jeung arasup ka kolam renang.
Aya nu ngalampar samak bari maruka timbel, aya nu lulumpatan, aya anu gogoleran
bari ngarasakeun hawa anu tiis seger.
Teu karasa wanci geus liwat ti lohor, atuh bu guru
buru-buru ngarumpulkeun deui barudak, mangka siap-siap rek marulang. Barudak
mani riweuh, leungeunna angkaribung ku oleh-oleh nu dibareulina. Kuring mani
ngarasa bungah balik teh meunang elmu jeung meunang kabungah. Teu lila kuring
jeung rombongan geus arasup deui kana mobil nu rek mawa mulang. Atuh anjog ka
imah kuring ngarasa cape, terus wae ngagoler dina kasur.
Nama pengarangnya siapa ya ka?
BalasHapusNama pengarangnya siapa ya ka?
BalasHapus